
Mungkin teu nagara urang leupas tina urusan suap?? teuing…. uing oge teu nyaho, malahan asa deukeut kanu pesimis.
Kamari mani rame di unggal daerah jalma mariluan Test CPNS, 1 kuota nepi ka diparebutkeun ku ratusan jalma.
Harita aya sababaraha urang nu nanyakeun ka uing, naha uing aya kawawuhan di BKD, nya ku uing dijawab loba, tuluy nanyakeun deui, sabaraha mun hayang “jadi”?? ka saha kudu mikeun?? uing kaget, da rumasa teu nyaho, jeung loloba na mah da uing mah teu panuju kanu cara kitu, nya eta oge disebutkeun ka manehna yen kuring mah teu panuju ku cara kitu, sanajan ngomongna make jeung ati-ati ngarah manehna teu kasinggung, bener bae teu kasinggung, malahan, sanggeus sababaraha poe satuluyna, manehna ngomong yen manehna geus meunang channelceunah jeung pasti bisa “jadi”, malahan manehna nyebutkeun angka nu kudu dibayar, tuluy manehna nawarkeun imah manehna ngarah dibeli ku uing, waaahh timana duitna uing bisa meuli eta imah, malahan kungsi eta imah ditulisan “dijual”, uing ngan bisa ngomong “lebar tong dijual”, manehna mani keukeuh da kudu aya eta duit. Sanajan satuluyna eta tulisan di “dijual” teh dicopot ku manehna.
Sababara poe satuluyna, kapanggih deui, manehna mani jiga nu bungah, sanggeus ditanya, manehna ngomong geus meunang solusi timana meunang duitna. Uing ngan bisa ngomong “ati-ati eta teh duit gede”
Poean deukeut ka testing, sakanyaho uing jalma kabeh nu rek marilu testing riweuh nyiapkeun kaperluan testing kaasup pada neangan contoh soal pikeun ngapalkeun, kaasup indung budak oge paciweuh neangan contoh soal, ngapalkeun sapeupeuting, manehna ditawaran contoh soal oge hare2 bae, da meureun ceuk pamikirna bakal meunang, nya karep lah da uing mah ngan saukur nawaran.
Sanggeus testing dilaksanakeun, nu marilu testing karek tarenang, meureun “Wait en See” tinggal nungguan hasil, tapi manehna mah jutru katempo paciweuh bae, teuing ngurus naon, padahal mah kan tinggal nungguan tapi lah karep urusan batur ieu hehe.
Poean diumumkeun hasilna, ditempo ku uing dina daftar ngaran manehna aya, berarti manehna lulus, nya syukur lah, imah angger aya, testing lulus. Ngan nu pasti kandaraan roda opat manehna nu kasebut mewah keur uing mah, euweuh ti sababaraha poe saacan testing. Moal ! uing mah moal rek suudzon, komo sirik mah… jang naon, da kieu-kieu oge uing mah geus meunang gajih netep sanajan kamari uing teu milu testing bareng manehna, sabab uing nyaho uing mah moal mungkin lulus.
(ieu ngan sauukur carita)
Tinggalkan sebuah Komentar
Belum ada komentar.
Komentar RSS Lacak Balik URI Pengenal








